Halaman

Sabtu, 26 Maret 2016

Pidato Sunda Tema : Isra Mi’raj

Pidato Sunda Tema : Isra Mi’raj

Bismillaahirrahamaanirrahiim Assalamu`alaikum Wr.Wb.
Alhamdulilahirobilalamin. Assolatuasala asrofil ambiahi warmunsalin walla alihi wasobihi azmain, Amma badhu
Hadirin rahimakumullah Dina danget ieu urang parantos dugi deui kana sasih rojab sasih anu bersejarah nyatana diangkatkeunana kangjeung nabi anu mulya, anu jadi panutan pikeun sakabeh jalma dina tata peryoga oge dina segi panglima ka sidrotul muntaha.
Peraturan anu jadi catur pikeun laku lampah umat manusa di alam dunya ku anjeuna di babarkeun kalayan eces jentre, margina kangjeng nabi anu mulya nerangkeuna sinareng conto laku lampah mantena. Anjeuna kantos ngadawuh anu hartosna :” saenyana kaula diutus pikeun nyampurnakeun akhlaq”.
Kumargi kitu parantos sayogina mantena janten conto pikeun sakabeh manusa bahkan sanes manusa wungkul, anjeuna diutus ka sakabeh alam rek alam kasar atanapi alam halus, alam kasar tegasna lain wunkul anu dicabak gegerenetan, lain wungkul anu ditingal ngajentul hideung, komo jeung loba jarawatan mah alam kasar nyaeta alam manusa. Anapon alam halus nyaeta alam anu aya tapi teu katempo ku panon lahir tapi lain hitut...., tegesanamah alam lain nyaeta nu sok di sebut alam ghaib....... Bu pak percanten teu kana ayana alam ghaib ?........... kedah percanten nya bu ...! margina Allah SWt. Ge Ghaib, anu maha lembut ............
Ikhwanul Muslimin Rahimakumullah
Uih deui kana cariosan nu tadi yen kangjeng rasulallah SAW. Diutus ka alam dunya pikeun nyampurnakeun akhlaq manusa, anjeuna ngagaduhan pribadi anu sae, anjeuna tara ngedul, pejuang sajati, ekonom tangguh, panglima gagah, politikus anu bersih, pajabat anu jujur tara korupsi sanes kawas Gayus Timbunan . terang teu bu pak lagu andai aku jadi gayus?? Yu urang nyanyi sareng.......... “andai ku gayus tambunan, yang bisa pergi ke bali, semua keinginannya pasti bisa terpenuhi, lucunya di negri ini , hukuman bisa dibeli, kita orang yang lemah, pasrah akan keadaan”. Kitu bu balukarna ieu bangsa anu geus teu puguh hukumna, hukum uang dibawah pencuri, hukum pencuri dibawah uang..... tah eta teh cingcirina manusa geus euwueuh ka era akibat geus teu berakhlak.
Kumargi kitu manga urang sadayana dina raraga mieling maulid nabi ieu urang nala`ah deui kana sifat kangjeung nabi anu mulya tegesnamah uih deui kana purwadaksina sewang-sewangan.
Kangjeg nabi ngajarkeuna akhlak anu mulya ngagaduhan prinsip nyatana dina bahasa yunanimah sok dikenal ku istilah “Lanita tapijepra” anu hartosna “lain nitah wungkul tapi jeung prakna”, lain kawas urang nu sok nyieun dalil pikeun nyalindung pedah aya katerangan “man dalla `ala khoirin kafa`ilihi” hartosna sing saha jalma anu nuduhkeun kana kahadean maka sarua jeung migawena.. bu dalilnaman teu lepat ngan aplikasina urang mah nu sok kadang salah, hayoh ue nitah bari tara nyontoan, padahal ceuk kaidah fiqh mah dilalatul hal aula min dilalatil maqol anu hartosna nyontoan leuwih alus tinimang marentah wungkul,,,, sapertos kumaha bu? Nyaeta sapertos kangjeng rasulallah SAW. Ibda binnafsi mulailah dari diri sendiri.... tah lamun kitumah carana bakal nyipatakeun kasadaran, saur guru urang teamah nyiptakeun kasadaran secara personal sinareng tanggung jawab yang tinggi behdituna silih pikahurmat kasasama nu antukna ke bakal aya kebersamaan..

Pidawuh Allah dina Qur`an


Anu hartosna “Tetela dina diri rasulallah teh aya pitutureun anu hade ........”

Kasimpulanana tina ieu cariosan nyaeta : nu kahiji kangjeung rasul mangrupakeun tauladan pikeun urang sadayana dina sagala hal, nu kadua kangjeung rasul dina nyebarkeunana akhlak anu mulya kalayan ngagaduhan prinsip “Lanita tapijepra” lain nitah wungkul tapi jeung prakna. Nu katiluna manga urang sami” dina raraga mieling dibabarkeuanan kangjeung nabi ieu hayu urang emut deui kana purwadaksina sewang-sewangan.
Sakitu nu kapihatur tina cariosan simkuring, hapunteun bilih aya cariosan anu pondok nyogok nu panjang nyugak, nu saenamah mungguh donkapna ti Allah, nu awonamah mungguh kahilafan simkuring maklum saur pantunmah

Lain cai lain walungan
Tapi tangkal ganitri anu ngajajar
Lain santri lain ajengan
Tapi santriwati nu neme diajar....

Sakitu bae bobo sapanon carang sapakan, ulah getas harupateun
“Wallahul muafiq ilaa aqwami thariq ”

Wassalamu`alaikum Warahmatullah Wabarakatuh 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar