Halaman

Sabtu, 26 Maret 2016

BIANTARA BASA SUNDA MIELING ISRO MI'RAJ

BIANTARA BASA SUNDA MIELING ISRO MI'RAJ

Bismillaahirrahamaanirrahiim 
Assalamu`alaikum Wr.Wb.
Alhamdulilahirobilalamin. Assolatuasala asrofil ambiahi warmunsalin walla alihi wasobihi azmain, Amma badhu
Langkung ti payun hayu urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur kahadirat Allah SWT anu tos masihan mangpirang-pirang kanikmatan, Wirehna urang tiasa kumpul dina acara Isro Mira`j. Sholawat sinareng salam mugi kacurah limpahkeun ka junjunan urang Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina , ka sohabatna teu ka kantun urang sadaya salaku umatna dugi ka akhir jaman. Amin
Bapak kepala sekolah nu kusimkuring dipihormat, bapak ibu guru sareng Staf TU anu ku simkuring dipihormat, teu hilap oge ka rerencangan nu kusimkuring dipika deudeuh.
Dina acara Isro Mira`j ieu simkuring bade medarkeun ngeunaan “Kautamaan Sholat”. Hadirin nu ku simkuring dipihormat Waktos harita Nabi Muhammad SAW diparentah ku Allah kanggo ngayakeun lumampah ti Masjidil Haram ka Masjidil Aqso di Palestina. Salajeungnna Nabi Muhammad naek ka Sidratul Muntaha , Kajantenan eta marngrupi kajanteunna fenomenal. Tina kajanteunnan eta Nabi Muhammad dipiwarang ku Allah ibadah wajib nyaeta Sholat 5 waktos. Parentah eta parantos dilaksanakeun ti kapungkur dugi ka ayeuna, Ibadah sholat eta teh ngagaduhan kaistimewaan mandiri, benten sareng ibadah nu sanesna. Saha wae anu ngalaksanakeun ibadah sholat, sami sareng anu ngadegkeun agama, Sholat kedah di laksanakeun ku sadaya umat muslim, anu teu ngalaksanakeunna hukumna dosa, kumargi sholat teh ibadah wajib.
Ngantunkeun sholatnu 5 watos atanapi kumargi hoream anu kateterasan nyaeta ngajanteunkeun jalmi anu kafir, nganggo ngajagi sifat hoream urang kedah iklas sareng khusu, supados teu ngaraos abot ngalaksanakeunnana Hadirin anu ku simkuring di pihormat Sholat anu 5 waktos teh, nyaeta subuh, dzuhur, ashar, magrib, isya.Salah sawios kautamian sholat nu 5 waktu nyaeta ngajaga sholat subuh sareng ashar ngajanteunkeun mukana panto surga sareng nutupna panto naraka. Sholat ashar marupikeun sholat wustha sakumaha dikhususkeun nyebatkeunnana dibanding sholat nu sanesna. Upami sholat subuh didongkapan sareng di saksian ku para malaikat Janten sholat teh tiasa ngahapus dosa sareng kalepatan.
Mungguhing kitu urang sadaya salaku umat muslim umatna Nabi Muhammad SAW kedah ngalaksanakeun sholat 5 waktos. Hadirin anu kusimkuring di pihormat.
Rupina sakitu wae anu tiasa dipedar ku simkuring, hapunten anu ka suhun bilih aya basa anu teu merenah kana manah.
Bobot sapanon carang sapakan, Nyuhun dihamputen bilih aya kalepatan.

 Wabillahitaufiqwalhidayah , Wassalmu`alaikum Wr.Wb 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar