Kaolahan
Lembur Palias Kasilih Batur
Artikel Kénging Ensa
Wiarna
Pameran
kuliner, nguatan ekonomi rumah tangga
Mingkin dieu katuangan téh mingkin
loba rupana. Kaolahan resép karuhun gé teu éléh ku katuangan nu jolna ti
nagri deungeun. Kapunjulan resép karuhun, tembong dina Rancasari
Culinary Nite (Rancunit) nu diayakeun di Kacamatan Rancasari Kota Bandung.***
Bandung, memang pangjugjugan.
Saban ahir minggu, nu ngadon ulin ka ieu kota teu weléh pagegelek.
Tujuanana, lian ti sukan-sukan pelesiran, ogé balanja
rupa-rupa kapereluan. Matak, teu anéh upama Bandung téh jadi Kota Wisata
Balanja. Nu daratang ka ieu tempat gé lain ukur wisatawan Nusantara, tapi deuih
mancanagara. Apan, saperti urang Malaysia mah, ka Bandung téh lir jadi
jalan ka cai.
Pamarentah Kota gé apal pisan kana
kapunjulan Bandung kawas kitu téh. Atuh upaya ngamajukeun dunya pariwisata di
ieu kota gé rupa-rupa naker, saperti ku cara mekarkeun katuangan
tradisional nu boga ciri mandiri. Tarékah kitu, di antarana ku cara ngayakeun
paméran katuangan di saban kacamatan. “Katuangan has hasil kaolahan
warga, tiasa janten cukang lantaran ningkatna karaharjaan masarakat,”
ceuk Oded M. Danial, wakil Walikota Bandung.
Warga Bandung, ceuk wakil walikota,
loba anléhna. Saban waktu teu weléh medalkeun ‘kreasi anyar, kaasup nu tumali
jeung katuangan. “Karancagéan sapertos kitu, tiasa janten kakuatan ékonomi
kulawarga,” pokna basa ngobrol dina acara Rancunit nu diayakeun di Kalurahan
Cipamokolan, Kacamatan Rancasari, Kota Bandung, Saptu 23 Agustus, 2014.
Rancasari téh ngawengku opat
kalurahan. Padumukna campur, warga kompleks perumahan jeung pakampungan.
Ku lantaran kitu, hasil karancagéan masarakat ge rupa-rupa naker,
‘adumanis’ antara kaolahan ‘urang kota’ jeung palemburan. Dina pameran di
Rancasari ge kitu, di antara ratusan kaolahan resep karuhun, katuangan
‘kaayeunakeun’ gé teu kurang-kurang. Nu ngadongdon éta tempat bisa milih
katuangan sakasuka, ti mimiti bugis, oyek, pais lauk, sosis, jeung
sajabana.
Kaolahan tradisional memang teu éléh
pamor. Lantaran, midang dina rasa jeung wanda anu beda. Saperti mun enya ogé
wujudna bugis, apan geus diraéh sangkan leuwih narik ati. Kitu deui mun
inuman bajigur jeung bandrék, teu sacerewelena kawas nu sasari, da ieu mah geus
diolah deui sangkan leuwih kalandep ku balaréa. Nya tangtu wé, masing-masing nu
dijual di dinya téh boga ciri mandiri. “Sanaos bahana tina rumput laut,
cara ngolah sareng resépna bénten ti nu sanés,” ceuk pamilon pameran nu
ngadagangkeun kaolahan ‘jukut laut’ dina éta pameran.
Kagiatan nu lumangsung di Jalan
Cipamokolan, Rancasari, Kota Bandung meunang pangbagéa ti balaréa. Stan paméran
ngajajar sapanjang 500 méter. Katuangan nu dipamérkeunana ogé ratusan
rupa, dipidangkeun dina 240 stan paméran. “Masing-masing RW disayagikeun
opat stan, haratis, teu kedah mayar,” ceuk Drs. Asep Tamim, M.AP., Luran
Cipamokolan, Kota Bandung.
Kagiatan kawas kitu, ceuk lurah,
loba mangpaatna. Lantaran éta kagiatan téh bisa jadi tempat silatuhami antar
warga, antara nu dagang jeung nu meuli, ogé antara warga jeung pihak kalurahan
ogé kacamatan. Ku cara kitu, pameran téh bisa jadi panyundut
sumanget keur nu boga karep mekarkeun usahana. Da, éta pameran teh
bisa jadi ‘ajang promosi’ keur balaréa.
Nu teu éléh pentingna, ceuk Lurah
Cipamokolna, masing-masing padagang, meunang pangalaman geusan mekarkeun usaha
saterusna. Lantaran, aya udagan dangka panjang. Nu daragang
téh bakal dimaneuhkeun di tempat-tempat anu merenah. “Tempatna ditata,
kitu deui nu dagangna,” ceuk lurah.
Mémang teu sagawayah bisa dagang di
sisi jalan. Lantaran PKL di wilayah Cipamokolan kauger
ku pasaratan, saperti teu dagang di tempat nu dilarang, teu
ngamacétkeun jalan, ogé teu ngaganggu lingkungan.
Kagiatan Mayeng
Paméran kuliner Rancasari, lain
kagiatan saharitaeun. Saterusna gé bakal mayeng. Tujuanana, lain ukur
kalangenan, tapi deuih mekarkeun karancagéan nu mangpaat sacara ekonomi. “Ka
payun aya kagiatan mayeng di saban kalurahan,” ceuk Hj. Ai Sutriansih, S.Sos.
M.Pd., Camat Rancasari, Kota Bandung.
Dina rarancangna, kagiatan tingkat
kacamatan téh bakal bagilir. Tempatna, di saban kalauran.
Saterusna, aya kagiatan pameran tingkat kalaurah nu pamilona ti
masing-masing RW. “Ku cara kitu, kagiatan ekonomi masarakat gé tiasa
langkung ningkat,” pokna.
Kagiatan kiwasa kitu, ceuk Hj. Ai,
loba mangpatan. Keur padagang, bisa tuluy-tuluyan ngarojatkeun ajen
daganganana. Lantaran, ku cara nitenan dagangan batur gé, bakal
timbul ide-ide atawa gagasan anyar geusan mekarkeun karancagéanana.
“Intina mah, tina ruang-riung kawas kitu, baris muncul ‘inspirasi’ kanggo
mekarkeun pangabisa masing-maisng,” saur Ibu Camat.
Pameran kuliner Rancasari, meunang
pangbagéa ti masarakat. Ti sore keneh, nu ngadongdon paméran pagegelek.
Beuki peuting beuki noyék, nepi ka heurein usik. Lobana nu ngadongdon, keur
padagang mah untung lataran daganganana laris. “Sareng nu leuwih penting
mah, langkung dipiwanoh balarea,” ceuk Usup nu biasa dagang bandrek
jeung bajigur téh. Inyana miharep kaolahanana kalandep ku balaréa. Cenah,
mun geus leuwih pada mikawanoh mah, apan bisa waé muka cabang di tempat
anyar.
Rancunit, pesta rayat Rancasari. Nu
ngadongdon disayagikeun hiburan kasenian tradisonal, saperti rampak sekar,
calung, jeung sajabana. Beuki lila acara gé beuki haneuteun, komo deui da
dihadiran ku Ki Daus jeung Anton Abok nu keur urang Bandung mah moal bireuk
deui.
Nu ngadongdon éta tempat
mémang lain ukur warga Rancasai. Nu ngaraliwat di Jalana Sukano-Hatta gé,
di lebah Jalan Cipamokolan mah, loba nu ngahaja ngarandeg, ngeureunkeun
heula kandaraan, laju turun muru tempat pameran. ***
Dicandak tina : http://mangle-online.com/pidangan/perelean/1409809764
edun pisan kang..
BalasHapusdiantos kana kasumpinganna deui.. :-)