Halaman

Sabtu, 26 Maret 2016

Pidato Sunda Tema : HUT Kemerdekaan RI

Pidato Sunda Tema : HUT Kemerdekaan RI

Assalamualaikum wr. wb
Langkung tipayun sim kuring asmana Bapak, Ibu guru SMP 3 Pamarican seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti gerah kabingahan, bingah ka giri-giri, bingah amarwata suta, bingah anu taya hinggana, sanggem paripaos tea mah sim kuring teh asa mobok manggih gorowong, asa ditonjok ku congcot, rehna dina danget ieu tiasa patepung lawung, paamprok jonghok, patepang raray sareng para Ibu Bapak sadaya dina raraga pagelaran seni calung anu bade di kapayunkeun ku rengrengan murangkalih SMPN 3 PAMARICAN.
Para Ibu, Bapak sadaya, menggah pamaksadan sim kuring teu aya sanes kajabina nyaeta seja nyukcruk galur di luluhur, mapay lacak anu baheula, tatali paranti warisan ti nini aki. Nu mawi tebih diungsi, anggang di teang, sanes lantung tambuh laku, sanes ketang tanpa beja, sim kuring seja malikan carita anu tiheula nu kungsi dipake carita nyaeta rehna para Ibu Bapak nitipkeun, nyerenkeun pala putra putri Ibu Bapak sadayana ka ieu sakola, nyatana ka Bapak Ibu guru supados pala putra putri Bapak sadayana dididik, diatik, dibina, dibimbing, dipaparinan pelajaran.
Ayeuna pisan bagean pangbuktosan hasil pangajaran tina bidang seni budaya, nyaeta diayakeuna pagelaran pentas calung dina raraga mapag HUT RI anu ka 69, dina hal ieu sim kuring asmana Bapak Ibu guru neda sihampuntena boh bilih dina salami ngadidik, ngatik, ngabimbing, ngabina pala putra putri Ibu Bapak sadayana aya dina kakirangan sinareng kalepatan, atuh boh bilih aya anu kagitik ku pangatik, kahajar ku pangajar, pamugi ageung sihampuntena, da sentak polototna bapak sinareng Ibu guru teh sanes keuheul atanapi ngewa tapi bakat ku nyaah deudeuh kanu janten muridna. Alhamdulilah ayeuna tiasa mintonkeun katiasa hidep dina ieu acara.
Ayeuna mah mangga ieu acara suang dikawitan ku maos basmallah sasarengan……….
Teras wae kana acara inti nyaeta “ pagelaran seni sunda calung anu di kapayunkeun ku murid-murid SMP N 3 PAMARICAN”.
Acara ieu tangtos seueur luput sinareng lepatna,kumargi kitu sim kuring neda ageung agung cukup lumur, neda jembar hampurana, anu janten margi dina tata titina, dina tindak tandukna, oge dina tata titina, bema tatakrama, oge dina basa basina mung sakadar dirarampa, sugan kiti, meureun kieu, tangtos pisan upami teu ninggang kana wirahmana mah, seueur silung sareng sumbangna, kalayan teu puguh entep seureuhna.
Rupina sakitu nu kapihatur salaku pangjajap basa ti simkuring hapunten sagala rupi kalepatan sareng kakiranganana.
Wassalamua’laikum warohmatullohi wabarokatuh.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar